Pangalaman Anu Endah
Di Ancol
Poe Senen, dina waktos subuh anu tiris harita teh,
kuring digugahkeun ku sora pun Bapa. “Heh Ahmad, sok gugah tos tabuh
04.00, lainna rek study tour ka Dufan.” Saur pun Bapa teh. “Hah… tos tabuh
04.00.”tembal kuring teh. Sanggeus kitu kuring leos ka kamar mandi, brus mandi
gesat-gesut. Sanggeus mandi terus kuring lumpat ka kamar keur dibaju,
sarengsena dibaju kuring beberes sagala rupana bawa-bawaan nu diasupkeun kana
tas, saperti baju keur salin, cemilan keur ngopi dina bus, jeung nu lainna.
Saatos kitu kuring ngadangu sora ti pun Indung “Ahmad sarapan heula bisi masuk
angin” kuring langsung turun ka ruang makan. Sanggeus sarapan, kuring sholat
subuh kusabab tos asup kana waktos subuh.
Terus kuring ka luar nu tos didagoan ku pun Bapa anu
bade nganteur ka sakola. Indit weh kuring teh sareng pun Bapa kana mobil,
salila di jalan kuring ngadua ka Allah semoga perjalanan kuring jeung
rerencangan lancar, salamet nepi ka tujuan. Teu karaos tos dugi deui mobil
teh diharepeun gerbang sakola, kuring
menta restu ka pun Bapa supados disalametkeun di perjalanan.
Saatos kitu kuring nyamperkeun rerencangan nu tos
aya di sakola, “Hey Ahmad, kadieu kumpulna di lapang basket” cek Randy. “Kela
Ran…” saur kuring teh. Salilana kumpul, kuring culang cileng ningali siswa nu
sakitu loba keur ngarumpul nu nungguan pengumuman anu rek didugikeun ku
Panitia. Saur panitia salami study tour para siswa siswi kudu nurut kana tata
tertib nu tos aya.
Sanggeus kitu para panitia nu kabagi janten
sababaraha urang nu ngabimbing para siswa siswi ngabagi kartu parserta nu isina
pikeun ngajelaskeun yen urang teh naek bus nu mana. Kuring teh asup ka bus 4
anu pembimbingna nyaeta Bu Sri nu salaku oge janten wali kelas kuring di kelas
XI Ipa 5. Waktos naek bus kuring sareng rerencangan kabagean diuk di tukang
atanapi nu sok sebat smoking area . Waktu
tos nunjukkeun siang nu tepatna waktos 06.00, para siswa sadayana tos arasup
kana bus. Teu lila bus teh jalan sesuai jeung urutanna. Salami di perjalanan
aya salah saurang babaturan abdi nu cicing wae, gawena ngan ukur ngambe minyak
kayu putih. Namina nyaeta Ade, manehna teu kiat kanu bus anu aya ac.
Teu karaos bus teh tos rek asup deui ka gerbang tol
cileunyi, salilana di bus rerencangan kuring teh aya nu popotoan, ngadangukeun
lagu, ninggal pemandangan, jst. Salami perjalanan kuring ngan ukur
ngaperhatikeun salah saurang rerencangan anu ngan ukur calik sareng teu seueur
ngomong.
Tiba-tiba bus teh ereun, pas ditinggal ka jandela
rupana kuring teh tos dugi di gerbang ancol. Kuring direuwaskeun ku sora
“ueeee…” rupana eta teh sorana Ade nu keur muntah kusabab teu kiat ku lilana
perjalanan ti Garut ka Jakarta.
Saatos dugi, kuring sareng rerencangan langsung
turun ti na bus, teu lila Bu Sri teh ngabagikeun tiket masuk keur lalajo 4D (4
dimensi) jeung keur asup ka Dufan. Sateuacanna indit ka lokasi, kuring sareng
rerencangan popotoan heula di dekeut bus.
“Heh Ahmad kunaon tatadi bet ngalamun wae” saur
rerencangan teh. “Ah… henteu, pedah tadi rada puyeng waktos di jalan” jawab
kuring. Teu lila tos dugi ka tempat wisata nu kahiji nyaeta Gelanggan Samudra
pikeun lalajo 4 Dimensi. Waktos nepi di panto asup rek lalajo 4 Dimensi, janten
ngatosan lila da ngantri keur rek dibagi kaca panon pikeun anu gunana keur
nonton 4 Dimensi. Torojol keur nungguan ngantri aya salah saurang babaturan
kuring nu nanya “Ari ieu teh ongkoh rek ka Ancol, naha bet kadieu heula” saur
babaturan teh. “Eh… da saur panitia kudu ka gelanggan samudra heula, engke
rengse ti dieu karek ka Ancon atawa Dufan” jawab kuring teh. “Ah hoream ngan
nonton mah, urang mah hoyong buru-buru ka Dufan rek naek tornado jeung
hysteria” saur Arga teh. “ Siga nu wani bae budak teh” saur kuring nembalan.
Teu kungsi lila kuring sareng rerencangan asup oge pikeun lalajo 4 Dimensi.
Saatosna lalajo kuring sareng rerencangan langsung
kaluar, kusabab atos ditungguan ku rerencangan nu laenna. Kuring teh ngarasa
aya nu aneh, kusabab aya rerencangan kuring nu misah ti rombongan kelas ipa 5.
Tapi teu lila eta babaturan teh ngasms, ari manehna tos uih kana bus. Hate
kuring nu tadina reuwas, jadi rada tenang.
Sanggeusna istirahat sakedap, kuring dibetot ku
babaturan kuring nu awewe supados ngilu ka tempat sirkus nu teu jauh tina
tempat istirahat. “Nanaonan ieu naha bet maen betot wae didinya teh” saur
kuring. “Ah hayulah urang lalajo sirkus, nu sigana bakal pikaseurieun” tembal
manehna. Kuring teh nurut weh nu manehna pika hoyong. Ari pek barudak lalaki nu
laenna oge geus aya dijero nu keur ngadagoan sirkus dimulai.
Sababaraha antraksi nu disadiakeun loba pisan nu
pikaseurieunnana, teu lila aya sora ti salah saurang panitia nu marentah yen
kuring jeung nu laenna kudu terehan uih kana bus, kusabab sakedap deui rek ka
Dufan. Kuring langsung cengkat ti bangku, terus langsung uih babarengan sareng
barudak lalaki nu ti bus 4. Di sapanjang jalan kuring ninggal sakitu luasna ieu
tempat wisata teh, nu matak kuring teh nepi cape leumpang.
Saatosna sumping kana bus, kuring langsung asup
kusabab teu kiat ku panasna kota Jakarta. Waktos di jero bus kuring
direuwaskeun ku sora bapa-bapa bari nepak punggung kuring, “Ari ieu teh sareng
Ahmad sanes, nu putrana Bu Leni ti Banyuresmi” saur eta Bapa teh. “Muhun, punten
ari ieu sareng saha?” saur kuring. “Ieu Mang Dudung sami sareng ujang ti
Banyuresmi, Mang teh nu nyupiran bus ieu lantaran da Mang mah tos lami nyupiran di karunia bakti” jawab eta
bapa teh. “Oh… Hampunten da abdi mah jalmina cicingeun, janten kurang wanoh ka
tatangga teh, hampunten sakali deui ” saur kuring.
Belenyeng weh bus teh indit ka Dufan nu jarakna aya
sakitar
2km. Aya mereun 10
menit mah bus teh geus nepi. Aya babaturan kuring nu langsung luncat mukakeun
panto bus, kusabab geus teu sabar rek buru-buru ka Dufan. Kuring mah rada lila
sabab nungguan rerencangan nu menta sasarengan ka Dufanna. Terus kuring teh
langsung nyusul rerencangan nu tos ti heula indit ka Dufan.
Waktos nepi, kuring kudu ngantri deui pikeun keur pamariksaan
tiket jeung keur distempel nu nunjukkeun yen urang teh bisa naek ka sagala
wahana nu aya di Dufan sapuasna. Kuring diajakkan ku babaturan ka salah sahiji
wahana nu pang anyarna di Dufan nu name nyaeta Hysteria. Kuring jeung babaturan
keliling salami 5 menit ayana pikeun neangan eta wahana teh. Ujuk-ujuk
babaturan kuring aya nu nunjuk ka salah sahiji wahana sarta ngomong “Ah.. Euy
ditutup Hysteriana oge, kumaha atuh” saur Arga teh salah saurang rerencangan. “Nyak
geus atuh ka wahana nu laen weh” saur babaturan nu laen.
Sanggeusna neangan wahana nu laen, barudak teh nyobaan hiji
wahana nu ngaranna ontang-anting. Kuring sabenerna teu hayang naek eta wahana,
lantaran dipaksa jadi weh ngilu. Hate kuring waktos naek eta wahana meni
ngadegdeg kusabab sieun, tapi kudu kumaha deui da geus naek teu bisa turun.
Saatosna beres hate kuring rada tenang, langsung weh kuring jeung babaturan ka
wahana nu salanjutna.
Sapanjang jalan kuring ningali siswa SMA 6 Garut nu laen oge nu
keur jalan-jalan kelilingan, nu keur bobogohan, nu keur ngantri rek naek hiji
wahana, jst. Barudak lalaki nu laen geus pada lalumpatan ka wahana halilintar
atawa sok disebat roller coaster.
Kuring mah kusabab tos lieur tadi naek ontang-anting janten kuring mah teu naek
sareng kaburu hoyong ka kamar mandi (toilet).
Terus kuring ngan ukur ngadagoan babaturan nu keur naek wahana
halintar, saatos rengse kuring jalan-jalan deui sarta ngalanjutkeun ka wahana
nu laenna. Teu karaos geuning waktos tos nunjukkeun yen pukul 17.15 kuring
sareng rerencangan langsung uih ka tempat parkirna bus nu kudu geus kumpul deui
waktos magrib kudu aya di tempat. Sapanjang perjalanan uih aya rerencangan nu
ngajak popotoan heula, eta cenah rek dijadikeun kenang-kenangan.
Saatosna dugi di tempat parkir bus barudak nu laen mah indit ka
pantai, sedengkeun kuring jeung babaturan nu sabagean mah rek ganti baju heula,
kusabab tadi waktos naek wahana arung jeram baju jeung calana kuring kabaseuhan
janten kudu diganti heula. Terus kuring nyusul barudak lalaki nu aya di pantai
nu keur popotoan.
“Ahmad tungguan atuh”saur rerencangan kuring teh. “Naha bet
ninggalkeun, tega ih maneh mah.” Cek manehna deui. “Da maneh lalila ganti
bajuna alahbatan siga awewe.” Jawab kuring. Aya mungkin 20 menitan kuring jeung
rerencangan popotoan dekeut demarga jeung tepi pantai.
“Hey kadarieu, disauran ku Bu Sri hayu urang marakan heula”saur
salah saurang babaturan kuring. Kuring jeung nu laenna langsung nyampeurkeun ka
tempat prasmanan. Saatos tuang kuring uih deui ka bus, waktos rek asup ka bus
aya rerencangan awewe nu keur calik nyauran kuring pikeun ngabaturan ngobrol
jeung manehna.
Teu kungsi lila, pak supir nyarios yen sakedap deui bade angkat.
Kanu sanesna burukeun siap-siap pikeun perjalanan uih. Barudak nu tadina
carape, dina bus mah pada mijah deui aya nu jojogedan, aya nu video rerencangan
nu keur sare, jst. Kuring sabab tos cape sareng peregel ieu awak kuring mah
milih istirahat.
Salami di perjalanan aya rerencangan nu hoyongeun bobo dina
kursi kuring, nyak kuring teh kapaksa
ngelehan. Terus kuring pindah ka sela-sela panto antara ruangan nu dipayun
jeung ruangan smoking area. Didinya mah hawana rada mending teu panas teuing da
ac na ngagelebur tarik jeung tiris. Aya hiji kajadian nu matak pikaseurieun
dina bus teh, sabab aya rerencangan kuring nu keur sare ujuk-ujuk ngagulutuk ka
handap nepi ka tangga rek kaluar dekeut panto. Manehna teh laen hudang, malah
nuluykeun sarena, teu lila bus teh asup ka hiji tempat di daerah Purwakata.
Waktos nepi kuring buru-buru hoyong ka kamar cai, kusabab tos teu kiat bade
buang air kecil. Saatos kitu kuring ninggal para siswa atawa siswi nu rea pisan
nyerbu kana toko boneka, cenah mah toko eta teh hargana murah. Kuring mah
langsung uih deui kana bus, kuring direuwaskeun ku sora Dhika rerencangan
kuring nu menta tulung sabab aya rerencangan anu pingsan.
Anu pingsan teh langsung weh dibawa ka bus keur diubaran. Saatos
kitu perjalanan teh dilanjukeun deui. Kuring mah bobo deui di handap sareng
rerencangan, sedengkeun nu laen mah diluhur. Waktos kuring nyaring, bus teh tos
aya deui di daerah Garut teu kungsi lila tos dugi di hareupeun gerbang sakola.
Kuring ninggal loba pisan para kolot nu bade ngajemput barudakna, sedengkeun
kuring mah teu aya nu ngajemput janten kapasak kuring mah istirahat heula di
sakola, maklum tos tabuh 01.00 keluarga kuring tos pada karulem. Kuring mah
langsung weh indit ka masjid da hoyong istirahat, ari pek teh aya oge
rerencangan kuring nu istirahat di sakola.
Isukanna kuring uih ka bumi, saatos sholat subuh. Dugina di bumi
kuring geus diantosan ku ade kuring. Manehna mah geus siap-siap rek angkat ka
sakola, tapi kuring mah teu ka sakola da dibere dispensasi keur istirahat
dibumi sapoe mah.